Monday, March 24, 2014

Pribahasa Bahasa Sunda

Pribahasa Bahasa Sunda


Puasa Manggih Lebaran :Kokomoeun

Buruk-Buruk Papan Jati :Hade goreng oge dulur sorangan

Kawas bueuk menang mabuk :Ngeluk tungkul bari teu ngomong sakecap-kecap acan

Kos kacang ninggang kajang :Nyaritana nyorocos gancang pisan

Kawas hayam panyambungan :Talamba tolombo teu puguh laku

Legok tapak genteng kadek :Loba pangalamana

Kawas ucing jeung anjing :Hoghag wae teu daekeun rapih

Teu gedag bulu salambar :Teu aya kasieun

Silih jengut jeung nu gundul :Silih tulung jeung nu teu boga

Nete taraje nincak hambalan :Tartib mapai ti handap

Haripeut ku tetereyeun :Gancang kapincut ku pang bibita



Terimakasih :)